Pages

Kamis, 14 Juni 2012

kampung Adat Cireundeu, Bandung


Cireundeu mangrupiken salah sahiji kampung anu aya di Lembah Gunung Kunci, Gunung Cimenteng, dan Gunung Gajahlangu. Nyaeta aya di Leuwi Gajah, Cimahi Selatan. Katingali dina dohirna mah eta kampung teh tos ngilu kana zaman, ngan pedah ayeuna mah tos di kukuhkeun janteun kampung adat. Sakabeh masarakat Cireundeu aya 300 KK jeung aya 50 KK anu kaasup kana masarakat kampung Cereundeu.


Masarakat Cireundeu gaduh kapercayaan anu disebatna sunda wiwitan, Eta ajaran dicanak ku Pangeran Madaris ti Kuningan. Sahingga masarakat Cireundeu teu salalit anu teu ngagaduhan KTP. Eta masarakat Cireundeu sapopoena biasa ngalakonan anu namina “oleh rasa”. Tapi masarakat Cireundeu oge aya anu nganut kana ajaran islam. Kirang langkung 50% islam sareung 50% kapercayaan sunda wiwitan. Eta masarakat masih keneh ngajaga tradisi budaya keur ngahormatan laluhurna. Di eta kampung ngabogaan hiji masjid, tilu mushola, jeung hiji Bale anu biasa  dipake keur ibadah. Oge eta kampung ngabogaan hiji Sakola Dasar jeung Hiji PAUD keur nuntut elmu.
Kabiasaan masarakat Cireundeu anu tos dicanak ku Pangeran Madaris eta tos diajarkeun turun temurun. Ceuk pupuhu adat Cireundeu ( Abah Emen) cirri khas ajaran Madaris etta nyaeta Sunda wiwitan anu ngajarkeun supaya ngahargaan kana hasil bumi jeung henteu terpaku kana hiji kadaharan pokok.
Dina gerbang bade lebet ka kampung adat aya seratan “ Wilujeung sumping di Kampung Adat Cireundeu” ieu nandakaeun bahwa masarakat Cireundeu masi ngajaga budaya leluhur jeung ngalestarikeun kana eta budaya.
Saur bapak Widia anu janteun ais pangampih, eta kampung disebat Cireundeu teh kusabab baheulan di eta lemur loba tangkal “Rendeu” jeung aya walungan anu dina nahasa Sundana di sebut “Ci
Masarakat Cireundeu eta ayana di Leuwi Gajah, Cimahi. Kirang lakngsung sa-RW na aya lima RT anu ka sebatna masarakat kampung adat. Mata pancaharian masarakat Cireundeu seseeurna patani. Sapopoena eta masarakat biasa ngadaharan sampeu lain sangu sakumaha umumna masarakat Indonesia. Kabiasaan ngadahar sampeu dimulai taun 1924, pas awal eta aya anu nempatan kampung mah taun 1918, ngan can baheula mah eta masyarakat can biasa ngadahar sampeu, tapi ku berjalanna waktu tiasa oge di terapkeun. Sangu sampeu eta tos dibuktikeun gaduh kakuatan dua jam lewih lila tibatan sangu pare.
Masarakat Cireundeu eta boga sababarahiji aturan pikeun anu arek nglaksanakaeun patikahan :
1.    Tong beda bangsa
2.    Kudu saturunan
3.    Kudu sapengetahuan
4.    Teu ku nanaon ari beda agama mah
5.    Istri anu diijab ka bapakna
6.    Teu menang aya pirak, makana samemehna eta calon panganten lalaki bakal dib ere pawuwuh heula ti koolot calaon istrina.
Pertikahan di kampung adat Cireundeu  aya tilu rupa bentukna :
1.    Syahadat
2.    2. Syah adat
3.    Sa-adat
Masarakat kampung adat Cireundeu eta ngabogaan acara anu biasa dilkonan dina sataun sakali, nyaeta sukuran anau dilaksanakeun dina 1 sura. Eta acara biasa dimimitian ku sasajen, sukuran jeung di tungtungan ku sungkem. Eta sukuran biasa dilakonan ku sakabeh masarakat adat Cireundeu, tapi lamun aya semah ti luar anu arek ningali kan prosesi eta acara teu kunananon. Dina eta acara oge sok aya hiburan wayang golek, makana eta sok loba ngahadiran. Khususna mah masarakat Cireundeu oge sok ngundang masarakat baduy, dayak, jeung nu sejenana pikeun nyaksian eta sukuran 1 sura. Sakabeh acarara eta sukuran dilakonan tujuh poe.
Dina eta sukuran di kampung adat Cirendeu sok aya sasajen anu dijieun tina rasi( sangu sampeu), bugis sampeu, rampe (kemenyan, minyak, kalapa, kembang, dupa jeung kopi), kacang-kacangan, bubur bodas, bubur beureum, umbi-umbian, janur tina buah-buahan jeung sajabina. Oge teu hilap sadaya masarakat sok ngnggo acuk adat. Biasana mah istri nganggo kabaya jeung pamegeut mah nganggo baju hideung jeung pangsi dina mastaka.
Kasenian anu biasa dipake ku masarakat Cireundeu nyaeta gamelan anu biasa latihanna dua minggu sakali. Eta kasenian sok dipake dina waktu pertikahan atanapi acara nu sejenna. Masarakat Cireundeu oge tara nglaksanaekun sunat pikeun budak lalaki.
Masarakat Cireundeu eta di ka sepuhan ku Abah Emen, oge gaduh ais pangampih namina Bapak Widia, jeung panitrenna Abah Asep.
Sanes waktos urang linggih sasarengan yuk ka Cirendeu…????urang ameng dina waktos sasih Muharram… tanggal 10 sura,, da biasa na diditu rame pisannnn…..yuk…yuuuukkkk
Waktu kagiatan : Senin, 05 Maret 2012


[1] Bus angkutan umum di Bandung dengan tarif Rp. 3000 untuk AC dan Rp. 2000 untuk non-AC

Tidak ada komentar:

Posting Komentar